Dina waktos gusti Allah
Ngumpulkeun sakabéh jalma
Poé kiamat poé hisaban
Teu aya anu kaliwa
Jalma-jalma bararingung
Digiring ku seuneu unuk
Aleut-aleutan ka saban jihat
Néangan panyalindungan
Teras ngadeuheuh ka Nabi Adam
Ramana sakabeh jalma
Aleut-aleutan ménta syafa'at
Dina misahkeun hukuman
Nabi Adam teu tiasa nulungan
Boro-boroo nulungan batur
Nafsi-nafsi kitu saurna
Jug ngadeuheus ka Nabi Nuh
Teras ngadeuheus ka Nabi Nuh Rosul anu pangpayuna
Nafsi-nafsi kitu saurna
Jug ngadeuheus ka Nabi Ibrohim
Teras ngadeuheus ka Nabbi Ibrohim
Anu gelar kholilullah
Nafsi-nafsi kitu saurna
Jug ngadeuheus ka Nabi Musa
Teras ngadeuheus ka Nabi Musa anu gelar Kalimullah
Nafsi-nafsi kitu saurna
Jug ngdeuheus ka Nabi Isa
Teras ngadeuheus ka Nabi Isa
Anu gelar Ruhulullah
Nafsi-nafsi kitu saurna
Jug ngadeuheus ka Nabi Muhammad
Teras ngadeuheus ka Nabi Muhammad
Anu gelar habibullah
Ummati-ummati kitu saurna
Nu asih ka sakabéh jalma
Teras Nabi sujud handapeun Arasy
Cara sujud dina solat
Isyfa tusyfa wasal tu'to
Isyfa tusyfa dawuhan Allah
Teras jalma-jalma bararingung
Nuju ka tempat hisaban
Nu salamet langgeng di surga
Nu cilaka asup Naraka
Komentar
Posting Komentar