السلام عليكم ورحمة الله وبركاته
الحمد لله رب العالمين
وبه نستعين على أمور الدنيا والدين
والصلاة والسلام على سيدنا محمد
وعلى اله واصحابه أجمعين
اما بعد
Anu dipikahormat
Bapak/Ibu........... salaku Kepala Desa, Ds....
Sinareng jajaranana
Anu dipikahormat
Bapak/Ibu........... salaku
(pejabat desa lainnya)
Anu dipikahormat
Bapak/Ibu ......... salaku dosen pembimbing
Anu dipikahormat
Saderek ........ salaku ketua pelaksana KKN (Nama kel)
Sinareng rerencangan sadaya anu sami dipikahormat
Teu hilap oge, ka hadirin sadayana anu sami hadir diiyeu tempat anu teu tiasa ku simabdi disebatan hiji-hijina nanging hnteu ngirangan kana rasa hormat ka sadayana.
Mangga urang sasarengan panjatkeun puja sinareng puji ka Allah swt anu parantos maparinan mangrebu-rebu nikmat diantawisna nikmat iman, nikmat Islam, nikmat kasehatan sareng nikmat kasempatan, sahingga urang sadayana tiasa ngariung mungpulung, patepung lawung, patepang raray dina raraga Pembukaan KKN (nama kel) di Ds. .......
Shalawat sinareng salam mugia tetep ngocor ngagolontor ka junjungan urang sadayana, nabi anu janten panutup Nabi, Rosul anu janten panutup Rosul, Makhluk Allah anu pang mulya-mulyana nyaeta kanjeng Nabi Muhammad saw.
Sareng oge, mugia dugi ka kulawargina, para sohabatna, tabi'in, tabiut tabiin sareng pamudah-mudahan dugi ka urang sadayana salakau umatna. Amin ya robbal alamin.
Hadirin anu dimulyakeun ku Allah.
Simabdi ngadeg diiyeu tempat salaku pangjajap acara bade nyebatkeun rentetan acara,
Diantawisna
1. Bubuka
2. Sambutan-sambutan
3. Panutup
Supados teu nyangkolong kana waktos, mangga urang langsungkeun bae kana acara anu ka hiji, nyaeta bubuka.
Anu mana bade dibuka ku aosan basmalah sasarengan.
"BISMILLAHIRROHMANIRROHIM"
Masih dina raraga bubuka, bade dilebetan ku aosan ayat suci Al-Qur'an anu bade dicandak ku saderek ........
Ka anjeuna, waktos sinareng tempat disumanggakeun.
Sodaqollohul adzim 3x
Mugia ayat suci anu tadi diaos janten sabab ka urang sadayana kana ngengingkeun syapaat engke dina dinten kiamat.
Hadirin anu sami hadir diiyeu tempat.
Nincak acara anu ka-2 nyaeta acara sambutan-sambutan.
Sambutan anu ka-hiji bade di dugikeun ku ........
Ka anjeuna, waktos sinareng tempat disumanggakeun.
Haturnuhun ka ......... anu parantos ngadugikeun sambutana, mugia anu disampaikeun tiasa manfaat ka urang sadayana. Amin
Salajengna nyaeta sambutan anu ka-2 anu bade di dugikeun ku ........
Ka anjeuna, waktos sinareng tempat disumanggakeun.
Haturnuhun ka ......... anu parantos ngadugikeun sambutana, mugia anu disampaikeun tiasa manfaat ka urang sadayana. Amin
Salajengna nyaeta sambutan anu ka-3 anu bade di dugikeun ku ........ sakantenan ngabuka kegiatan KKN ...... di Ds. .......
Ka anjeuna, waktos sinareng tempat disumanggakeun.
Haturnuhun ka ......... anu parantos ngadugikeun sambutana sareng ngabuka acara KKN...... di Ds......., mugia anu disampaikeun tiasaG manfaat ka urang sadayana. Amin
Hadirin hafidzokumullah
Alhamdulillah acara anu ka-2 parantos rengse. Anu salajengna hayu urang lajengkeun kana acara anu ka-3 nyaeta panutup. Anu bade dieusi ku pembacaan do'a. Anu mana bade dicandak ku ........
Ka anjeuna, waktos sinareng tempat disumanggakeun.
Alhamdulillah sadaya acara parantos rengse. Simabdi salaku pangjajap acara nuhunkeun hapunteun anu saageung-ageungna tina samudaya kalepatan sareng ngahaturkun nuhun anu saageung-ageungan tina samudaya perhatosanana.
Sakitu nu kapihatur
Wassalamu'alaikum wr. Wb
Audit, 25 Juli 2017
Komentar
Posting Komentar